Kishore Kumar Hits

Sule - Iraha Lebaran (Hanaang) şarkı sözleri

Sanatçı: Sule

albüm: Iraha Lebaran (Hanaang)


Asa can lami, nembé kamari
Geuning ayeuna tos saum deui
Bulan Romadon, bulan anu suci
Rék getol ibadah, ménta rido Gusti

Mun datang beurang, panas kacida
Mentrang-mentringna meni karasa
Éta cirina datang gogoda
Muga sing kuat nepi ka tamat
Duh, lila ka buka
Duh, haus kacida
Duh, aya cai kalapa
Duh, goréng bala-bala
Moga Gusti nguatkeun abdi
Dina sagala rupi cocobi
Niatna diri dugi ka fitri
Ikhlas jeung rido, lain hayang kapuji

Duh, mun batal éra
Duh, nyumput di mana?
Duh, loba gogoda
Duh, kudu kumaha?
Duh, iraha lebaran?
Duh, hayang meuli pakéan
Duh, kupat dioporan
Duh, loba tetempoan
Pasihan kasabaran
Amin

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar