Kishore Kumar Hits

SKA 86 - BULEUD şarkı sözleri

Sanatçı: SKA 86

albüm: BULEUD


Lain sakali, anjeun téh ngulang-ngulang deui
Kasalahan sami, mani neuteuli nganyenyeri
(Ha-ha-ah-ah)
(Asyik!)
Téga-tégana, teu bosen-bosen ngumbar-ngumbar cinta
Taya puas-puasna, luka-liku ngagulkeun dusta
Lain sabaraneun, lain dagoaneun
Asa buntu, teu manggih jalan keur kasaéan

Saha nu ridoeun diduakeun, ditilukeun? (Alah siah, boy)
Haté kapanasan, awak katirisan
Abdi réla pasrah, capé kagugulung masalah (saha?)
Haté geus karancang, teu kaubaran

(La-la-la, la-la-la-la-la, la-la-la-la)
Menit ieu, abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait
Ka luhur langit
Abdi réla undur diri
Ngubur pangharepan nu suci
Malidkeun rasa kanyeri
Nenangkeun ati
Kajeun asa beurat ngaléngkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun

Téga-tégana, teu bosen-bosen ngumbar-ngumbar cinta
Taya puas-puasna, luka-liku ngagulkeun dusta
Lain sabaraneun, lain dagoaneun
Asa buntu, teu manggih jalan keur kasaéan

Saha nu ridoeun diduakeun, ditilukeun? (Ulah atuh, ulah atuh, ulah kitu atuh)
Haté kapanasan, awak katirisan
Abdi réla pasrah, capé kagugulung masalah
Haté geus karancang, teu kaubaran

(La-la-la, la-la-la-la-la, la-la-la-la)
Menit ieu, abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait
Ka luhur langit
Abdi réla undur diri
Ngubur pangharepan nu suci
Malidkeun rasa kanyeri
Nenangkeun ati
Kajeun asa beurat ngaléngkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun
Menit ieu, abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait
Ka luhur langit
Abdi réla undur diri
Ngubur pangharepan nu suci
Malidkeun rasa kanyeri
Nenangkeun ati
Kajeun asa beurat ngaléngkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar