Kishore Kumar Hits

Kungpow Chickens - Ngimpi Jadi Juara şarkı sözleri

Sanatçı: Kungpow Chickens

albüm: 4 Adult Ears Only


Ha pukona aing mah pasti meunang
Pasti PERSIB satuju saya jang Andi
Piraku eleh wae pasti kudu meunang ayeuna mah
Eh, kang heup heup kang heup
Naha asa jadi loba beus kieu?
Nya, Jang Andi ka stadion teh loba nu mawa koper ieu mah?
Nya, kang lain stasion kang STADION
Eh, kumaha ari tukang becak teh?
Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol, tajong gol
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara
Persib juara, Persib juara Yeuh dengekeun aya hiji carita
Buru kadieu tapi eta geura pake calana
Era lulumpatan gubal-gabel talanyang kamana-mana,
Bari jeung sok mamawa bola
Tapi poho ari neundeun calanana dimana.
Sok atuh geura bari di angge acingna,
Era ku pa Dada jeung pa Kapolda
Ka stadion nonton persib bari jeung tara tertib,
Bisana raribut jeung garelut sabari hitut,
Coba geura mikir
Dibejaan ku kolot teh tong sok cungar-cengir bisi, mubazir
Nengeulan kaos warna oranye tapi salah sasaran,
Padahal eta teh tukang parkir
Pantesan tara juara wae,
Ngajungjung sportivitas teh meuni hara rese
Loba aleusan ieu itu, ceunahmah
Pamaena goreng, palatihna goreng, wasitna goreng
Nu ngadengekeun lagu ieu oge pasti goreng
Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol, tajong gol
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara
Persib juara, Persib juara Ieu hayang pisan lalajo Persib maen bola
Tapi lalieur duit jang ongkosna euweuh teu boga
Mun lalajo di TV pasti kurang rame
Bari na oge TV di imah hiji-hijina geus nyangsang disakolakeun ka pagadaian
Milu nonton di tatangga ngan hanyakal TV na heunteu berwarna
Beuki lieur kabeh pamaen jiga wasit make saragam hideung, sarua
Rek neang batur jang tebengan
Tapi si emak malah nitah meuli kapuk heula kapasar
Jadi katinggaleun ku barudak
Nu sejen geus tiheula nu aya han urang ngan olangan
Dari pada nyaho hasil pertandingan ngan saukur di beja
Nya ayeunamah modal nekat
Kumaha engke, engke kumaha
Nu penting ayeunamah he'es
Sugan ngimpi Persib jadi juara
Ngook... Ngook...
GOOOOOOOOOOOOL!!!
Aing ngompol
Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol, tajong gol
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara
Persib juara, Persib juara Mangga nyanggakeun Jaenal Timberlake
Cing-cangkeling manuk cingkleung cineuteun
Blos kakolong bapa satar buleuneung
Aya lampu di masigit caangna kamana-mana
Aya lalaki jangkung alit manukna kamana-mana
Eh(edan euy jang Andi)
Hebat nya ieu mah siga Justin nya jang Abdul,
Siga Justin teu? (hah)
Siga Justin teu (Heunteu) euuh
Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol, tajong gol
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara
Persib juara, Persib juara Eh(jang Andi mangga kaleubeut, duh nuhun, ieu sok mangga di leu'eut keusik jeung semen)
Ih Sakanteunan we jukut kunaonsih! Kang kunaon bieu teu nonton? Wheuh rame pisan, weuh
Hampura saya teu nonton
Wah naha atuh make teu nonton?
Kunaon teu nonton na TV?
(Ah TV hiji-hijina di imah euweuh)
Naha?
(Da TV na ge teu boga jang Andi)
Huh pantesan
Eh(kumaha?)
Weuh rame pokonamah tadi tehnya, Overcut, jumpna asup, kiri kanan sampe ka
KO-KO na weh edan pokonamah
(Ari jang Andi lalajo naon?)
Tinju!

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar