Kishore Kumar Hits

Detty Kurnia - Duriat Pegat şarkı sözleri

Sanatçı: Detty Kurnia

albüm: Duriat Pegat


Bumi nu anjeun-Na
Langit nu anjeun-Na
Sapangeusi alam dunya
Mungguh kersaning anjeun-Na
Tur sagala mahluk-Na
Kaleubet urang sadaya
Teu aya nu jadi kajaba
Éta kagungan anjeun-Na
Jodo nu anjeun-Na
Pati nu anjeun-Na
Susah senang, lara bagja
Gumantung kana kodrat-Na
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah, mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah, abdi panceg kayakinan
Salira nu Maha Rohman
Tangtos aya kasaéan
Sagédéngeun kapeurihan
Ya Allah, Salira nu murbeng alam

Jodo nu anjeun-Na
Pati nu anjeun-Na
Susah senang, lara bagja
Gumantung kana kodrat-Na
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah, mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah hamo nolak
Ya Allah, abdi panceg kayakinan
Salira nu Maha Rohman
Tangtos aya kasaéan
Sagédéngeun kapeurihan
Ya Allah, Salira nu murbeng alam
Ya Allah, Salira nu murbeng alam

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar