Kishore Kumar Hits

Kustian - Desa Jadi Kota şarkı sözleri

Sanatçı: Kustian

albüm: Makalangan


Tah, didinya, baheula mah saur ema, saur bapa
Aya lembur singkur, aya kebon sawah
Susukanna hérang, tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan
Tuh, diditu, baheula mah saur ema, saur bapa
Gunung, leuweung, héjo, matak nineung waas
Réa sasatoan, tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan
Ayeuna mah béda jeung baheula
Rupa désa geus robah ngajadi kota
Na ka mana kebon, sawah
Nu ngeplak, mapaés éndah?
Na ka mana cisusukan
Nu hérang, cai ngagenclang?
Na ka mana gunung, leuweung
Nu subur ku tatangkalan?
Jeung ka mana sasatoan
Nu réang teu patémbalan?
Na ka mana?
Kiwari tinggal carita

Tah, didinya, baheula mah saur ema, saur bapa
Aya lembur singkur, aya kebon sawah
Susukanna hérang, tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan
Tuh, diditu, baheula mah saur ema, saur bapa
Gunung, leuweung, héjo, matak nineung waas
Réa sasatoan, tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan
Ayeuna mah béda jeung baheula
Rupa désa geus robah ngajadi kota
Na ka mana kebon, sawah
Nu ngeplak, mapaés éndah?
Na ka mana cisusukan
Nu hérang, cai ngagenclang?
Na ka mana gunung, leuweung
Nu subur ku tatangkalan?
Jeung ka mana sasatoan
Nu réang teu patémbalan?
Na ka mana?
Kiwari tinggal carita

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar