Kishore Kumar Hits

Fanny Sabila - Buleud şarkı sözleri

Sanatçı: Fanny Sabila

albüm: Buleud


Lain sakali, anjeun téh ngulang-ngulang deui
Kasalahan sami, mani neuteuli nganyenyeri

Téga-tégana teu bosen-bosen ngumbar-ngumbar cinta
Taya puas-puasna luka-liku ngagulkeun dusta
Lain sabaraneun, lain dagoaneun
Asa buntu, teu manggih jalan keur kasaéan

Saha nu ridoeun diduakeun, ditilukeun?
Haté kapanasan, awak katirisan
Abdi réla pasrah, capé kagugulung masalah
Haté geus karancang, teu kaubaran

Menit ieu, abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait
Ka luhur langit
Abdi réla undur diri
Ngubur pangharepan nu suci
Malidkeun rasa kanyeri
Nenangkeun ati
Kajeun asa beurat ngaléngkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun

Menit ieu, abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait
Ka luhur langit
Abdi réla undur diri
Ngubur pangharepan nu suci
Malidkeun rasa kanyeri
Nenangkeun ati
Kajeun asa beurat ngaléngkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud, buleud
Buleud leupas ti anjeun

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar