Kishore Kumar Hits

Yana Kermit - Bulan Cangkuang şarkı sözleri

Sanatçı: Yana Kermit

albüm: Lagu-Lagu Terbaik Pop Sunda Yana Kermit


Iraha
Urang rék kawas waktu ka tukang?
Mapay-mapay riak kabagjaan
Rarakitan di Situ Cangkuang
Caang bulan
Katutup méga, milu nyaksian
Dua rasa nu meungkeut kahéman
Moal badé pipisahan
Tangkal camara, marindingan
Angin peuting, ngaleprokan
Dunya asa nu urang duaan
Naha ayeuna bet pipisahan?
Caang bulan di Situ Cangkuang
Kiwari teu weléh narémbongan
Carita éndah urang duaan
Omat, diukir dina lamunan
Caang bulan di Situ Cangkuang
Dina rasa teu weléh ngalangkang
Najan urang pipisahan
Haté mah silih anjangan

Tangkal camara, marindingan
Angin peuting, ngaleprokan
Dunya asa nu urang duaan
Naha ayeuna bet pipisahan?
Caang bulan di Situ Cangkuang
Kiwari teu weléh narémbongan
Carita éndah urang duaan
Omat, diukir dina lamunan
Caang bulan di Situ Cangkuang
Dina rasa teu weléh ngalangkang
Najan urang pipisahan
Haté mah silih anjangan
Caang bulan di Situ Cangkuang
Kiwari teu weléh narémbongan
Carita éndah urang duaan
Omat, diukir dina lamunan
Caang bulan di Situ Cangkuang
Dina rasa teu weléh ngalangkang
Najan urang pipisahan
Haté mah silih anjangan

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar