Kishore Kumar Hits

Yana Kermit - Situbagendit şarkı sözleri

Sanatçı: Yana Kermit

albüm: Situbagendit


Langit biru di luhureun Gunung Guntur
Matak waas, dipulas ku méga bodas
Méga bodas, méga sutra kembang rasa
Rasa kacinta nu Akang sareng salira
Caang bulan luhureun Kawah Kamojang
Béntang rapang luhur Gunung Papandayan
Rarakitan, rakit asih, rakit kahéman
Harepan urang, sing dugi ka réréndéngan
Di lebah Situ Bagendit
Didinya, mimiti mekar katresna
Di lebah Situ Bagendit
Didinya pisan, lalakon urang duaan

Caang bulan luhureun Kawah Kamojang
Béntang rapang luhur Gunung Papandayan
Rarakitan, rakit asih, rakit kahéman
Harepan urang, sing dugi ka réréndéngan
Di lebah Situ Bagendit
Didinya, mimiti mekar katresna
Di lebah Situ Bagendit
Didinya pisan, lalakon urang duaan
Di lebah Situ Bagendit
Didinya, munggaran lagrag kahéman
Di lebah Situ Bagendit
Nya didinya pisan, dua ati enggeus ngahiji

Поcмотреть все песни артиста

Sanatçının diğer albümleri

Benzer Sanatçılar